Risale-i NurTuntunan Istri

Isyarat Kalima

Tuntunan Istri · hlm. 61

Hasil tina muhabbah ka sobat-sobat anu soléh di dunya numutkeun hukum "Al-hubbu fillah": tetep numutkeun nash Al-Qur'an, yén Gusti Alloh bakal mepatepangkeun maranéhna sareng sobat-sobatna di sawarga — dina kaayaan calik dina korsi-korsi sawarga anu papayun-payun anu disebut عَلٰى سُرُرٍ مُتَقَابِل۪ينَ — kalayan cara anu pikaresepeun, matak betah, éndah, tur amis, bari silih carioskeun sagala kajadian di dunya sareng panineungan baheula pikeun silih hibur; dina wangun muhabbah sareng cacarita anu murni tanpa paturay.