Isyarat Kagenep
Tuntunan Istri · hlm. 61
Hasil tina muhabbah ka para nabi sareng para wali numutkeun cara anu diterangkeun ku Al-Qur'an: nyaéta salian ti kénging mangpaat tina sapa'at éta para nabi sareng para wali di alam barjah sareng dina waktos hasyr, ogé kénging mangpaat — ku lantaran éta muhabbah — tina darajat anu kacida luhur sareng tina limpahan kurnia anu pantes pikeun aranjeunna.
Enya, numutkeun rasiah اَلْمَرْءُ مَعَ مَنْ اَحَبَّ, hiji jalma biasa tiasa lebet kana darajat anu pangluhurna ku jalan ngiring ka hiji tokoh anu ngagaduhan darajat luhur anu dipikanyaah ku manéhna.