Isyarat Kahiji
Tuntunan Istri · hlm. 59
Hasil ukhrawi tina muhabbah anu sah kalayan dibarengan rasa sukur kana tuangeun anu ni'mat sareng bubuahan anu raos téh, numutkeun nash Al-Qur'an, nyaéta tuangeun anu ni'mat sareng bubuahan anu éndah kalayan cara anu pantes pikeun sawarga. Sareng éta téh muhabbah anu pinuh ku karesep kana éta tuangeun sareng bubuahan. Malah, kalimah "Alhamdulillah" anu diucapkeun ku anjeun luhureun bubuahan anu dituang di dunya téh, bakal dijelmakeun jadi bubuahan sawarga tur disuguhkeun ka anjeun. Di dieu anjeun tuang bubuahan, di ditu anjeun tuang "Alhamdulillah". Sareng ku margi anjeun ningali paparin Ilahi sareng iltifat Gusti Ar-Rohman dina ni'mat sareng tuangeun éta, mangka sukur maknawi anu raos éta téh — numutkeun nash hadits, isyarat Al-Qur'an, sareng pameredih hikmah tur rohmat — tangtos bakal dipaparinkeun ka anjeun di sawarga dina wangun tuangeun anu kacida raosna.