Isyarat Kadalapan
Tuntunan Istri · hlm. 62
Hasil ukhrawi tina muhabbah anu pinuh tafakur ka dua beungeut dunya anu éndah — nyaéta dunya salaku sawah pikeun aherat sareng salaku eunteung asma Ilahi: nyaéta bakal dipaparinkeun hiji sawarga anu saluas dunya, tapi teu fana siga dunya nu fana, malah langgeng. Sareng asma anu di dunya ngan némbongkeun kalangkang-kalangkangna anu lemah téh, di jero eunteung éta sawarga bakal ditémbongkeun kalayan cara anu pangmoncorongna. Sareng hasil tina mikanyaah kana dunya dina raraga beungeutna salaku sawah aherat: nyaéta Mantenna bakal maparin hiji sawarga anu ngajadikeun dunya téh lir pabinihan, nyaéta lir sawah alit anu ngan saukur ngamimitian melak binih; sabab pancaindra sareng rarasaan manusa anu di dunya téh mangrupa binih alit, di sawarga bakal mekar kalayan cara anu pangsampurnana, sarta bakat-bakat anu di dunya lir siki-siki alit bakal dipaparinkeun ka manéhna dina kaayaan parantos jadi ranggeuy anu pinuh ku rupa-rupa kani'matan sareng kasampurnaan — hal ieu, sakumaha pameredih rohmat sareng hikmah, tetep numutkeun nash hadits sareng isyarat Al-Qur'an.
Sareng ku margi manéhna parantos mikanyaah kana dunya lain ku muhabbah anu tercela anu jadi hulu tina unggal kasalahan, tapi parantos mikanyaah kana dua beungeut dunya anu nyanghareup kana asma sareng aherat, demi asma sareng demi aherat, sarta parantos ngamakmurkeun éta dua beungeut ku ibadah pikiran (tafakur), saolah-olah parantos ibadah ku sakabéh dunyana; mangka tangtos manéhna nampi ganjaran anu saluas dunya, éta téh pameredih rohmat sareng hikmah. Sareng ku margi manéhna parantos mikanyaah kana sawah aherat ku sabab muhabbah kana aherat, sareng parantos mikanyaah kana eunteung asma ku sabab muhabbah ka Gusti Nu Maha Haq; mangka tangtos manéhna hoyong kana hiji anu dipikacinta anu saluas dunya. Éta ogé nyaéta hiji sawarga anu saluas dunya.
Patarosan: Sawarga anu sakitu ageung tur suwung téh naon paédahna?
Waleran: Sakumaha upami mungkin, ku gancangna hayalan anjeun ngurilingan sakuliah widang bumi sareng kalolobaan béntang, anjeun tiasa nyebatkeun "Sadaya alam téh milik abdi." Ilubiungna para malaikat, manusa, sareng sato-sato henteu ngaruksak kana éta putusan anjeun. Kitu deui: sanaos éta sawarga téh pinuh, anjeun tiasa nyebatkeun "Éta sawarga téh milik abdi." Rasiah hiji sawarga anu ambana lima ratus taun anu dipaparinkeun ka sawaréh ahli sawarga numutkeun hadits, parantos diterangkeun dina Kalimah Kadua Puluh Dalapan sareng dina Lem'a Ihlas.